Hujan ngaririncik. Angin suar-séor ngendag-ngendag
tatangkalan. Matapoé nyumput teuing di mana. Poék mongkléng. Ukur sora-sora nu
kapireng. Ramé teu puguh. Awor jadi musik alam nu teu puguh nadana.
"Kang..! Urang ngiuhan heula, yu!" manéhna noél
cangkéng. Rét dilieuk. Imut manis. Najan baseuh saawak-awak. Geulisna teu
leungit.
"Pameng, Néng. Engké bilih telat ka nu dituju,"
walon kuring. Reup panonna peureum, cipanon ngalémbéréh pacampur cihujan.
"Nam atuh. Abdi mah seja ngiringan," témbalna pasrah. Hujan beuki
ngagebrét.
Matapoé bijil. Istighfar sababaraha kali. Kalangkang diri
mimiti témbong. Anjeun neuteup deudeuh. "Cinta urang bakal langgeng!"
pokna. Imut. Ngarénghap lalaunan. Takbir. "Allahu akbar..!" sukmana
ngalayang.
Ampir sabelas taun anjeun dipendem di dieu. Nyumput. Jero
pisan. Euweuh nu apal. Unggal aya nu nanya di mana kuburan anjeun. Ngan
dijawab, "duka atuh!"
No comments:
Post a Comment