Kabéh lalaki di kampus katarik ati kapentang asmara. Aya nu kagégéloan sagala. Malah teu saeutik nu ngadon dudukun. Paranormal ceuyah ku pasén. Ustad pada ngadeugdeug, sakadar dipéntaan jampé pélétna. Sakampus riweuh, cul kuliah, libur total.
Najan loba nu naksir, loba nu mikatresna, angger nolak. "Umi teu acan ngawidian!" ngan sakitu jawabanana waktu ditanya naon alesanana nolak.
Hiji poé. Aya nu datang ka imah. "Yap kalebet, Geulis..!" bari ditungtun leungeunna. Awakna rada ngorotan. "Nuju teu damang?" tanya téh. Gideug.
"Naon atuh kabingung hidep téh?" kuring panasaran. Iceu balaka sagalana. Kabéh dicaritakeun euweuh nu kaliwat. "Astaghfirullah al-adzim..!" kuring istighfar sababaraha kali. Horéng nu geulis téh...
No comments:
Post a Comment