Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

05 November 2013

Pamali (3)

Umur teu bisa ditebak. Loba budak ngora paéh, alatan nu teu sapira. Aya nu karana gelut. Henteu saeutik cilaka, sabab manéhna balangah. 
Najan karék apal ngerém. Yudi wani maké mobil. Ulin mawa kabogohna. Pelesir ka luar kota. Indit bari teu bébéja. Ruang-riung ngan duaan. Anteng nyacapkeun kasono. Ngumbar birahi sapeuting, méakkeun kapanasaran.
Beurang-beurang karék hudang. Awak karasa pasiksak. Raga leuleus taya daya. Iman leupas tina haté.
Soré-soré karék mulang, maksakeun sanajan tunduh. Anu nyupir kasaréan, mobil mangprung teu katahan. Ramé jadi lahan warta, aya artis nabrak jalma. Énjingna jadi berita, nu henteu puguh tungtungna.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013