Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

06 November 2013

Pamali (4)

Taun-taun rumah tangga, tara ngalaman paséa. Euweuh istilah salingkuh, komo nyandung teu bébéja. Unggal poé pinuh bagja.
Masing-masing tanggung jawab. Embung néangan masalah. Ubarna ukur satia. Nampi kana kadar diri. Anjeun jeung kuring satata, babarengan ngatik anak. Ngadidik solat jeung ngaji. Guguru di saban waktu.
Hiji poé nu teu sangka. Indung pamajikan datang. Teu bébéja ti anggalna. "Ulah reuwas kadatangan," saurna bari ngarénghap. "Teu sawios-wios Ema," témbalna laju munjungan.
Haténa ngarasa bungah. Aya mitoha nu bageur, nganjang bari barangbawa. Rupa-rupa kadaharan. Endog hayam jeung dagingna. Urab sampeu teu kaliwat. Peuyeum ketan bungkus daun. Eureuleu manéhna teurab. Untung gancang nungkup baham. Ngan hitut henteu katahan.
Mitoha malik teu suka. Indit deui kawas pundung. Teu nyangka boga minantu. Ongkoh sopan tapi blo'on. Hayang nakol ngan teu wasa. "Amih mah rék mulang deui!" omongna bari ngagidig.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013