Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

10 October 2013

Stiker Motor

Teu ngahaja tadina mah. Unggal nuturkeun motor batur. Kabaca tulisan-tulisan pikaseurieun tur pikasebeleun nu maca. "Aing kasép, sia mah goréng patut!" tulisan dina motor hareupeun. Nyel ambek. Gas ditarikan, motor disalib. "Entong nyalib mun teu rusuh hayang modol," kabaca pisan. Uing bingung. Nyalib salah, teu dipiheulaan gandéng jeung bau ku haseup knalpotna.
Asa hayang males. Indit néangan stiker nu kalimahna ahéng. Nyamos. Garoréng, euweuh nu kapaké.
Bingung. Embung maké motor saheulaanan mah. Unggal poé mikir. Néangan kalimah nu peureus. Gutrut ngopé. Euweuh nu cop. Uteuk ngadak-ngadak poék. Teu cara mun keur paséa. Néangan kecap nu pikanyerieun téh gampang pisan. Anéh.
Jung nangtung, laju muka panto. Ideu murag tina uteuk. Goréhél katincak. Alhamdulillah, gerentes téh.

Kutrat-kotrét. Élékésékéng. Kotrét deui nyusun kalimah. Édas pisan. Stiker jadi. Éléh siah kabéhanana ogé! Dina spakbor motor napel tulisan paling peureus.



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013