Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

05 October 2013

Nu Apél Kapeutingnakeun

Jauh tetep dijugjug, anggang moal burung ditéang. "Ulah hilap, malem Minggu diantos di rorompok," ceuk manéhna. Rada jauh ogé lalampahan téh, kudu leumpang ngaliwatan leuweung jeung jungkrang nu lungkawing. Imah manéhna deukeut puncak gunung. Geueuman.
Dua puluh méter deui kana lawang panto, aya nu ngolébat hareupeun. Irung ngangseu nu semu hanyir.
Istighfar sababaraha balikan. Mahluk anéh ngabedega, ngahalangan jalan. "Anjeun rék kamana?" sorana ngirung. Huntuna ranggéténg, sihungna panjang.
Cacalawakan bangun lapar, nyampeurkeun. "Allahu akbar! Laahaola walaaquwwata illabillah," gorowok kuring bari narajang. Orolo si mahluk utah-uger kasamber Jurus Gelap Ngampar. Nambru taya daya.

Matana kucap-kiceup, neuteup. "Ieu abdi..!" pokna. Teu lila aya haseup ngagulung si mahluk, janggélék jadi manéhna. "Odaaaaah...!" bari terus muru nu keur ngalungsar. "Hapunten abdi, Kang!" pokna. Awakna robah jadi haseup mumbul ka jomantara.



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013