Lila néangan kecap nu pas. Anu ngaweuhan. Wayang leungiteun dalang. Aktor leungiteun peran. Susah ngagambarkeun kajadian.
Hulang-huleng. Euweuh deui ideu. Ngarapung duka ka mana. Tokoh carita parundung. Embung maraén dina carita. "Uing kapok..!" salah sahiji tokoh nyorowok.
Ma Unah geus balik deui ka nagrina. "Ulah nyambat deui Ema, nya?!" amanatna saméméh mulang. Loba nu nuturkeun. Arindit. Ngarapung. Galumbira.
"Kumaha alusna ieu téh?" ramo jeung panon méh bareng nanya. Ideu ngelol, ngelélkeun létahna. "Wayahna wé ngagantung," pokna. "Anjeun teu tanggung jawab!" ceuk panon ka ideu. Ramo tipepereket hayang ngetik. Ideu ukur mesem, ngaléos.
Buuk ngadadak rancung. Awak ngagidir. Leungeun ngagibrig. Indung leungeun geus teu kuateun hayang ngajempolan. Komputer disiksa.
Dor-dar ngetik. Embung tinggaleun adegan. Ungkara laluncatan kana carita, ngaruntuy. Ideu ucang-anggé dina monitor.
No comments:
Post a Comment