Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

28 September 2013

Sasalad

Golépak awak téh ngaguling deui waktu rék hudang. Euleuh kunaon aing, batin ngajerit. Reup peureum, ngumpulkeun pangacian. Ingetan diputer deui. Nyareri sakabéh sendi. Gulang-guling teu walakaya.
Awak nyongkab. Késang ngagarajag. Isuk-isuk asa tengah poé, panas. Bitis nyanyautan, tuur lék-lok. Aing lumpuh. Teu bisa leumpang.
Dosa naon aing nepi ka jadi kieu? Istighfar murudul tina sungut. Culang-cileung rék ménta tulung. Opatlas jam ngajepat jiga banusan. Cadu aya nu nulungan. Ongkoh aing téh hirup nyorangan.
Ras inget kana diri. Euweuh nu bener. Unggal poé dina jalan salah. Najan loba nu mapatahan. Gideug jeung nolak kana bener. Iman geus ipis pisan. Tinggal nungguan waktuna ancur burakrakan.
Cimata mimiti ngeclak. Hayang tobat. Istighfar dikerepan. Kunyam-kunyem babacaan sabisa-bisa. Unggal bérés maca Al-Fatihah, karasa aya nu robah. Nyeri ngurangan. Gulitik ngatuhu. Ucing gedé ngaherengan kana tuur. Nyakaran. "Ya Allah..!" nyorowok. Aya haseup hideung gumulung kaluar tina tuur...


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013