Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

22 September 2013

Tepung di Kandang Maung

Teu kasawang ti anggalna, jauh tina panyangka. Euweuh kila-kila kudu tepung deui jeung manéhna. Papisah sapuluh taun meni asa cik kénéh. Unggal peuting kaimpi-impi, unggal poé nyantél dina haté. Ngaran manéhna matri pageuh pisan. Gandrung liwung mapaés diri nu ampir pareumeun harepan hirup.
Dua poé satutasna lebaran. Indit sakulawarga ka Kebon Binatang, ngahaja piknik. 
Katingali barudak jeung indungna galumbira. Arocon bari maraban sakabéh sato nu ditingali ku maranéhna. Najan rada sieun, angger disampeurkeun. Deukeut kandang maung aya awéwé nu nungtun budak lalaki. Asa wawuh. Najan asa-asa, laju disampeurkeun. Geuning manéhna!
Manéhna ngalieuk. “Akang…?!” pokna jiga nu kagét. “Ulah geruh!” ceuk kuring bari ngantelkeun curuk kana biwir. Ningali indungna nyarita jeung kuring, budak lalaki téa neuteup salila-lila. Gabrug ngarangkul bari nyebut bapa.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013