Loba fikminer anyar. "Abdi Kentring Manik. Wakil ti Sagara Kidul," pokna. "Uing Jaka Tarub. Nu pernah ngawin widadari," nyolongkrong. "Geusan Ulun," ceuk nu dimakuta.
Saurang-saurang ngenalkeun. Arahéng. Saropan. Taya nu kaliwat. Reueus ningalina. Awéwé-lalaki satata. Wanoja-jajaka galumbira. Aki-nini nyakséni. Nu tarepung ngalobrol.
Jelegur! Eundeur. Unggal pamilon rungah-ringeuh. "Naon éta?" silih tanya. Garideug.
Nu bitu mucunghul. Ulag-ileug sirahna.
Matana burahay. Indung leungeunna ngacung. Culang-cileung. Imut. Neuteup. Tembus kana haté. Anu haladir ngabagéakeun.
"Saha anjeun?" aya nu nanya. "Aing Colat!" jawabna. Saréréa jempé. Taya nu nyarita deui. Ras inget kana salah sahiji tokoh fikmin. "Aya Jang Odin kadieu?" tanyana.
"Sumpahna gé sing daék demi. Uing teu ngondang anjeun ka dieu!" ceuk Ang Godi. Nangtung bari nyampeurkeun. Dadak sakala Si Colat ngaleungit deui. "Alhamdulillah," saréréa muji syukur.
No comments:
Post a Comment