Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

08 September 2013

GAYA BASA DINA BASA SUNDA

Dina basa Sunda nu jembar ku basa,ngabogaan GAYA BASA SUNDA (GBS) nyaéta :
1.GBS Ngumpamakeun ( Similé)
Nyaéta ungkara nu ngabandingkeun hiji barang séjén nu sipatna nembrak.
GBS ngupamakeun sok ngagunakeun kecap babandingan: asa,cara,siga,kawas ,lir,jeung ibarat.
2.GBS Lalandian ( Métafora)
Nyaéta sesebutan khusus anu dilarapkeun ka jalma atawa kana barang nu diluyukeun jeung kaayaan barang, ,jalma atawa tempat anu dilandina.
3.GBS Mijalma (Pérsonifikasi)
Nyaéta ungkara nu mapandékeun hiji barang, tatangkalan atawa sasatoan milampah pagawéan kawas manusa. Maksud digunakeun GBS mijalma pikeun ngantebkeun harti jeung rasa basa anu dikandung ku hiji kalimah. Biasana mindeng kapanggih dina karangan sastra.
4.GBS Ngasor (Litotés)
Ungkara nu ngahandapkeun kaayaan diri sorangan. Maksudna ngarah nu nyarita henteu katémbong agul/sombong atawa hayang ngajénan kanu diajak nyarita.
5.GBS Ocon (Métonimia)
Ungkara nu ngagunakeun hiji kecap pikeun ngébréhkeun hubungan hiji barang jeung barang séjén lantaran miboga hubungan nu kawilang raket.
6.GBS Sindir (Alégori)
Ungkara nu eusina sindir (teu togmol). Maksudna ngarah nu diajak nyarita henteu éraeun /ambek. GBS Sindir aya tilu bagian :
a.Ironi
b.Sinisme
c. Sarkasmeu
7.GBS Rautan ( Eufimisme)
Ungkara nu ngalemeskeun kecap ngarah kadéngéna sopan ku jalma nu diajak nyarita.
8.GBS Rarahulan (Hiperbola)
Ungkara nu ngagunakeun kecap nu karasana kaleuleuwihi, rahul atawa bohong. Ilaharna digunakeun pikeun ngagambarkeun kaayaan sangkan leuwih anteb.
9.GBS Kadalon ( Pléonasme)
Ungkara nu karasana kaleuwihan teuing ngagunakeun kecap.
10.GBS Raguman (Sinékdoke)
Ungkara nu ngébréhkeun rupa-rupa hal anu dihijikeun atawa disabeungkeutkeun. GBS Raguman aya dua:
a. Hurunan (totem pro parte)
b.Tunggalan (pars pro toto)



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013