Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

31 August 2013

Sidang Munaqosah

"Naon alesan anjeun maké judul éta?" tanya penguji bari mencrong beungeut mahasiswa nu keur diuji. "Upami teu lepat... eu... eu... eu... taeun...," jawabna geumpeur.
"Teu balég pisan manéh mah ngajawab téh!" ceuk penguji bari ngagebrag méja. "Eu... eu... muhun abdi mah teu balég ngajawabna," si mahasiswa beuki geumpeur. Umur-umuran jadi penguji, kakaraeun manéhna manggihan mahasiswa nu geumpeurna model kitu.
"Pada waktu bikin skripsi ini, berapa kali kamu ketemu pembimbing?" rada leuleuy nanyana. "Enam...aéh empat...aéh gak pernah, Pak," ngajawabna teu puguh. Rey beungeut penguji beureum. Ngahégak nahan ambek. Anu diuji ngeluk tungkul. Haténa beuki méotan.
“Belegug pisan kalakuan téh!” penguji nyentak. “Iya, saya mah belegug, Pa,” walonna ampir teu kadéngé. Murungkut. Bujurna miluan némbal. “Iiiiiiiik...!” aya sora katilu. Nu nguji mengkek irungna. Gubrag! Antukna si penguji ngagolér. Nu araya di ruang sidang kabéh kaparaéhan.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013