Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

26 August 2013

Jodo nu Jomblo

Ningali babaturan saentraganna, geus karurénan. Unggal amprok sok naranya iraha kawin, matak horéam panggih cenah.
Tilu puluh salapan taun umurna. Embung mikiran rarabi. Lain teu hayang jiga batur. Aya kénéh nu dewang dina haténa. Tatu cinta nu hésé cageur.
Kamari. Aya nu robah. Wanoja anyar pinanggih di kantorna. Imutna, teuteupna, dilakna, sagalana meni ceplés. Nu dewang mimiti lita.
Saban poé panggih. Akhirna balaka. Bogoh. Aya milik keur duanana. Batu turun keusik naék.
Kabéh ngarojong. Aratoh. Bujang lapuk meunang jodo. Opat puluh taun jalan karék boga deui kabogoh. Geulis mirip pisan si manéhna. "Omat, kudu gancang dilamar!" ceuk bapana. Henteu ditolak, langsung dienyakeun.
Dina poé nu geus ditangtukeun. Indit ngalamar. Kompak pada nganteur. Anjog ka tujuan, dibagéakeun. Waas. Indung kabogohna colohok. Neuteup teu ngiceup-ngiceup.
"Bandi???" ngagero semu kagét. "Asih???" ceuk manéhna. "Tos taqdir, salira jadi minantu abdi. Ulah dimomorékeun Si Enéng!" amanatna bari ngaharéwos. Rasa cinta robah jadi hormat ka manéhna.



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013