Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

06 September 2013

Si Bungsu

Teu disangka ti awalna. Urang tepung dina beus kota. Kenalan terus kawin. Anak tilu, jalu wungkul. Ngurus barudak babarengan. Ganti sesebutan jadi abah jeung ambu.
Nu cikal geus jadi jéndral. Gagah. Awakna sembada. Loba nu ngadukung jadi persidén. Anu panengah diparengkeun jadi pengusaha. Meunang ténder ti mamana. Unggal poé nawuan duit. Naon waé kahayangna bisa kabeuli.
Mun si bungsu rada mahiwal. Embung nurutan lanceukna. "Uingah hayang jadi jelema!" kitu jawabna waktu ditanya ku lanceuk-lanceukna. "Naon alesan manéh?" nu cikal nanya. "Anu boga kakawasaan bari teu ngamanusa bakal jiga sato galak. Naon waé dihakan. Geus loba contona, Kang!" jawabna tatag.
"Manéh bakal aman salawasna, dijaga ku uing!" ceuk si cikal bari nepak taktak adina. "Insya Allah kabutuhan manéh ditanggung ku uing!" ceuk nu panengah. Lieuk kuring ka pamajikan. Imut bari unggeuk. Kalayang paduduaan ka awang-awang...


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013