"Julaéha!" ceuk manéhna. "Endun!" ceuk
kuring. Umur-umuran karék harita kapentang asmara. Nékad, sakalian dilamar di
jalanan nu keur macét. Gancangna carita, kuring jeung manéhna dikawinkeun ku
polantas bari disaksian ku sakabéh pemudik nu masih ngalantri.
Ngawin manéhna di daérah Tarogong. Geus karasa ngandeg di
Tutugan Lélés. Ayeuna geus rék ngajuru di Cicaléngka, nyikalan. Jol bidan
datang ti antrian beulah katuhu. "Ulah salempang, orok jeung ibuna
saralamet," ceuk Bu Bidan. Réang pabéja-béja. Unggal stasion televisi
ngirimkeun réporterna, ngaliput kajadian langka.
Dua bulan ngasuh budak di jalan babarengan. Indit bujangan,
mulang jadi bapa.
Jul-jol tatangga daratang. Aranéheun. Lalakon mudik nu moal
kasorang deui ku saha waé ogé. “Allohu akbar walillahilhamd...,” sora takbiran
ti masjid. Ngalanglaeung nepikeun rasa nu mudik deui ka lembur.
No comments:
Post a Comment