Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

19 August 2013

Haur Konéng Wasiat

Isuk kénéh imah Tuan Van De Kock geus digimbung ku upas. Tengah imah paburantak jiga urut galungan, layon Si Tuan ngabebengkang ditiruk awi konéng. Euweuh nu nyésa para pangawalna, paraéh kabéh. Ukur Nyi Marni nu teu diganggu, salamet. Kapaksa manéhna dibawa ka kantor upas pikeun dipariksa.
Wan Ték Hoat gancang nyusul bari demit. Aki Musani, guruna, pernah nitipkeun Si Nyai ka manéhna pikeun dijaga jeung diriksa. "Rék dibéjakeun moal saha-sahana nu geus maéhan Tuan Van De Kock?" ceuk Kumendan Upas, teugeug. Imut. Saukur kitu jeung kitu minangka jawaban tina puluhan kali pananya upas. Antukna si kumendan ambek. Nyokot péstol laju ditodongkeun kana sirah Nyi Marni.
Awi konéng ngabelesur ti luar laju nanceb kana dada kumendan upas. Kajadian nu matak ahéng, si awi ngadon kakalayangan ngungudag jeung niruk sakabéh upas nu aya di dinya. Imut Nyi Marni beuki leleb.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013