Sabulan ti harita. "Apana, dupi Jang Mpus tos dipasihan tuang teu acan?" naros ka carogéna. Nu ditaros jongjon ngalétakan piring. Tuluy dikumbah nepi ka beresih. Ucing nyérangkeun dina korsi, nanggeuy gado. Nyéréngéh sorangan bari gogodeg.
"Nyaan dunungan di dinya mah keur saletrés," ceuk beurit bari nyampeurkeun nu keur leleson dina korsi. "Yaaa... begitulah adanya," walon ucing. Anjing datang, ginding pisan, jaba sareungit awakna. "Rék marilu moal?" tanya anjing. "Indit ka mana?" ceuk nu duaan méh bareng. "Tong karagét, apanan ayeuna mah aya Kebon Jelema. Arulin ka ditu yuk..!" ceuk anjing bari ngadilak ka Oding nu keur kokoréh di tempat runtah.
No comments:
Post a Comment