"Batur mah keur narohkeun nyawa, ari sia ngadon sibuk néangan untung," saurang kokolot negor pamuda nu keur sibuk nagihan duit parkir ka nu boga kandaraan. "Emang, kajadian kieu téh langka pisan. Nu matak, uing ngamangpaatkeun pikeun néangan rejeki," jawabna bari nampanan duit ti salah saurang pemilik mobil. Can gé nutup biwirna, ngadadak si pamuda nangkarak bengkang. Aya pélor nyasar kana tarangna. Nyangsang dina uteukna. Anu rék wisata beuki nambahan...
27 June 2013
Wisata Bencana
Warta ngeunaan digerebegna para 'terduga téroris' di Legokhangseur sumebar kamana-mana. Imah kontrakan maranéhna dikepung bakul buhaya mangap téh lain bohong. Saratus aparat kaamanan dikerahkeun pikeun néwak jelema nu ngan saukur opat urang. Anéh bin ajaib, sababaraha réporter stasiun tipi geus sariap-siap ngalaporkeun sacara langsung. Tempat Kajadian Perkara alias TKP pada ngadeugdeug ku para wisatawan lokal jeung asing. Atuh puguh wé, loba tukang parkir jeung tukang dagang dadakan nu miluan panén rejeki.
"Batur mah keur narohkeun nyawa, ari sia ngadon sibuk néangan untung," saurang kokolot negor pamuda nu keur sibuk nagihan duit parkir ka nu boga kandaraan. "Emang, kajadian kieu téh langka pisan. Nu matak, uing ngamangpaatkeun pikeun néangan rejeki," jawabna bari nampanan duit ti salah saurang pemilik mobil. Can gé nutup biwirna, ngadadak si pamuda nangkarak bengkang. Aya pélor nyasar kana tarangna. Nyangsang dina uteukna. Anu rék wisata beuki nambahan...
"Batur mah keur narohkeun nyawa, ari sia ngadon sibuk néangan untung," saurang kokolot negor pamuda nu keur sibuk nagihan duit parkir ka nu boga kandaraan. "Emang, kajadian kieu téh langka pisan. Nu matak, uing ngamangpaatkeun pikeun néangan rejeki," jawabna bari nampanan duit ti salah saurang pemilik mobil. Can gé nutup biwirna, ngadadak si pamuda nangkarak bengkang. Aya pélor nyasar kana tarangna. Nyangsang dina uteukna. Anu rék wisata beuki nambahan...
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment