Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Pengalihan Isyu

Pamor pamaréntah beuki lila beuki nyirorot nepi kana titik nadir. Embung ari disebut goréng mah sakadang rezim téh. Najan jelas pisan katénjo ku saréréa yén korupsi beuki mahabu di kalangan birokrasi. Gajih para pajabat nu terus-terusan nérékél, patukang tonggong jeung kaayaan rahayat nu beuki miskin. Anu beunghar beuki beunghar, nu miskin beuki miskin. Législatif parebut alas jeung éksékutif. Ibu Pertiwi keur sakarat awal. Haténa jumerit maratan langit, ngocéak maratan jagat. "Anaking, rék dikumahakeun ieu nagri?" si Ibu tumanya bari nyusutan cimata. Nu keur kumawasa jongjon babagi kakawasaan.
"Ibu téh boga budak tilu, nyaéta si Légi, si Éksé, jeung si Yudi. Saha nu bisa diandelkeun pikeun nanjeurkeun pamor indung?" gorowok Ibu Pertiwi ti mumunggang gunung. Yudikatif gancang nangtung. "Uing siap ngagantung si Légi jeung si Éksé di Monas mun maranéhna kabuktian korupsi!" jawabna sumanget.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013