Hiji poé, dina waktuna para jama'ah baralik ti Tanah Suci, dununganana lain langsung balik ka imahna. Anu didatangan téh ngadon imah Mang Dirja. "Jang Haji Dirja, wilujeng!" ceuk dununganana bari nyiuman nu gering. "Innalillahi wa inna ilaihi roji'un..!" ceuk saréréa méh bareng bari neuteup beungeut layon Mang Dirja nu keur imut.
27 June 2013
Munggah Haji
Mang Dirja geus sabulan gering ripuh, teu bisa kaasupan nanaon. Unggal dihuapan, langsung kaluar deui. Nu ngurus jeung nu ngaralayad ampir béakeun harepan. Geringna téh saprak balik nganteurkeun dununganana, ka bandara Soekarno-Hatta, nu rék naék haji nu kalima kalina. "Gan, iraha abdi tiasa jaroh nyarengan salira?" ceuk Mang Dirja bari rambisak. "Allah pasti méré jalan ka umat-Na," walon dununganana. Haté Mang Dirja ngalenyap.
Hiji poé, dina waktuna para jama'ah baralik ti Tanah Suci, dununganana lain langsung balik ka imahna. Anu didatangan téh ngadon imah Mang Dirja. "Jang Haji Dirja, wilujeng!" ceuk dununganana bari nyiuman nu gering. "Innalillahi wa inna ilaihi roji'un..!" ceuk saréréa méh bareng bari neuteup beungeut layon Mang Dirja nu keur imut.
Hiji poé, dina waktuna para jama'ah baralik ti Tanah Suci, dununganana lain langsung balik ka imahna. Anu didatangan téh ngadon imah Mang Dirja. "Jang Haji Dirja, wilujeng!" ceuk dununganana bari nyiuman nu gering. "Innalillahi wa inna ilaihi roji'un..!" ceuk saréréa méh bareng bari neuteup beungeut layon Mang Dirja nu keur imut.
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment