Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Fiksimini Basa Sunda

"Fantastics...!" ceuk Bayard Taylor, pangarang novél Beauty and The Beast. "Ivanhoe henteu sacongona dibandingkeun jeung karangan ieu," ceuk Walter Scott bari gogodeg. "Kerén abis...!" ceuk Charles Dickens, pangarang Oliver Twist. Sakur nu aya di éta tempat sapuk, ngaenyakeun. "Imajinatif. Multi-tafsir. Irrasional tapi heueuh. Nuyun bari ngabantingkeun. Inspiring pisan ieu mah," ceuk Jané Austen, pangarang Pride and Prejudice.
Bur-ber nu néangan ilham. Aya sawatara pangarang kahot nu ngahaja puasa mati geni kusabab hayang bisa mikmin. Sun Go Kong jeung Hanoman saribuk ngojég mawaan pangarang ka puncak Himalaya pikeun tatapa. Arjuna huleng jentul nyieun fikmin nu puitis.
Satemenna. Urang saréréa téh asalna tina euweuh, ku kersa-Na ngajadi aya. Nu aya téh euweuh dina ayana. Di mana bédana aya jeung euweuh? Aya kitu nu euweuh téh?


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013