"Lamun hayang téréh boga budak jeung kuat dina gawéna, pék dahar karédok buatan pamajikan déwék!" ceuk Mang Suhadma bari mikeun kadaharan. "Enya kitu?" tanya téh teu pati percaya. "Ulah loba tatanya, rarasakeun wé kadinyah!" rada nyengor. "Naha ayeuna mah si akang janten bénten ti sasari, dugi ka mindo opat kali sagala...," pamajikan nanya jiga nu héran. Calana loba digantung, mimindengna maké sarung unggal poé téh. Alhamdulillah, sataun ti harita boga budak... kembar tilu!!!
27 June 2013
Karédok Leunca
Kungsi ngadatangan puluhan dokter ahli, malah pernah jadi langganan dokter Boyke sagala. Alternatif pengobatan euweuh nu kaliwat disungsi. Réréana ngan saukur lalambé wungkul, saé dina iklan awon dina kanyataan. Éra mah nataku ku nu jadi kolot jeung mitoha, da unggal panggih sok nanyakeun waé iraha boga budak. Duh, naha nyieun budak téh gampang kitu? Obat jeung ramuan geus jadi batur sapopoé. Kahirupan rumah tangga karasa beuki simpé.
"Lamun hayang téréh boga budak jeung kuat dina gawéna, pék dahar karédok buatan pamajikan déwék!" ceuk Mang Suhadma bari mikeun kadaharan. "Enya kitu?" tanya téh teu pati percaya. "Ulah loba tatanya, rarasakeun wé kadinyah!" rada nyengor. "Naha ayeuna mah si akang janten bénten ti sasari, dugi ka mindo opat kali sagala...," pamajikan nanya jiga nu héran. Calana loba digantung, mimindengna maké sarung unggal poé téh. Alhamdulillah, sataun ti harita boga budak... kembar tilu!!!
"Lamun hayang téréh boga budak jeung kuat dina gawéna, pék dahar karédok buatan pamajikan déwék!" ceuk Mang Suhadma bari mikeun kadaharan. "Enya kitu?" tanya téh teu pati percaya. "Ulah loba tatanya, rarasakeun wé kadinyah!" rada nyengor. "Naha ayeuna mah si akang janten bénten ti sasari, dugi ka mindo opat kali sagala...," pamajikan nanya jiga nu héran. Calana loba digantung, mimindengna maké sarung unggal poé téh. Alhamdulillah, sataun ti harita boga budak... kembar tilu!!!
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment