Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Lain Sawarga

Loba nu resep, nu bogoh, nu naksir, nu ngagoda, malah nu ngajak kawin gé aya. Asih tetep pengkuh dina dunyana, nyorangan. "Ieu pilihan abdi, sikep abdi, kahayang abdi!" jawabna waktu aya nu nanya prinsip hirupna. Nu nanya ngabigeu.
Sanajan hirup sapopoéna guyang dina dunya mongkléng. Asih tetep rajin solat, puasa, jeung ngaji. Warugana geus dijual ka sing saha waé nu daék meuli, tapi haténa tetep manteng ka Nu Maha Agung ménta jalan nu lempeng. Ayeuna, umur beuki ngolotan, nu meuli beuki ngurangan. Raga ngarangrangan kari tulang jeung kulit. Gering nu hésé diubaran. "Anjeun katerap AIDS," ceuk dokter.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013