"Mun urang teu ngajodo ayeuna, sugan jaga," ceuk manéhna harita méméh ngaleupaskeun nyawa. "Akang bakal tetep satia ka anjeun!" walon kuring dina tangkeupan panungtung. Neuteup manéhna nu dina figura asa beuki nyari imutna. Ébréh kanyaahna, asihna nyaliara kana awak. Hawar-hawar kareungeu aya sora manéhna, beuki deukeut beuki atra. Nu dina figura ngagajleng, ngabelegedeg hareupeun. "Akang, hayu urang mulang babarengan!" ceuk manéhna bari ngarawél leungeun.
27 June 2013
Potrét Manéhna
Pameunteu nu ngadaun seureuh. Oyag-oyagan dina jero haté. Teu daék cicing. Rumanggieung. Éngklakna ngerepan. Terus muter dina uteuk.
"Mun urang teu ngajodo ayeuna, sugan jaga," ceuk manéhna harita méméh ngaleupaskeun nyawa. "Akang bakal tetep satia ka anjeun!" walon kuring dina tangkeupan panungtung. Neuteup manéhna nu dina figura asa beuki nyari imutna. Ébréh kanyaahna, asihna nyaliara kana awak. Hawar-hawar kareungeu aya sora manéhna, beuki deukeut beuki atra. Nu dina figura ngagajleng, ngabelegedeg hareupeun. "Akang, hayu urang mulang babarengan!" ceuk manéhna bari ngarawél leungeun.
"Mun urang teu ngajodo ayeuna, sugan jaga," ceuk manéhna harita méméh ngaleupaskeun nyawa. "Akang bakal tetep satia ka anjeun!" walon kuring dina tangkeupan panungtung. Neuteup manéhna nu dina figura asa beuki nyari imutna. Ébréh kanyaahna, asihna nyaliara kana awak. Hawar-hawar kareungeu aya sora manéhna, beuki deukeut beuki atra. Nu dina figura ngagajleng, ngabelegedeg hareupeun. "Akang, hayu urang mulang babarengan!" ceuk manéhna bari ngarawél leungeun.
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment