"Manéh geus ngawasa élmu ieu kalayan kumlaud," ceuk Bah Wirya. "Abah, bener uing geus bisa mélét awéwé?" tanya kuring. "Tong cangcaya kana élmu ti déwék siah!" Bah Wirya nyentak. "Isuk pagéto bakal karasa ku sia hasiatna," ceuk Abah bari ngenyot padudan. Haseup bijil tina bahamna ngabentuk gambar écéng.
Ti jam sabelas peuting nepi ka subuh, jangjawokan dibaca. Ingetan museur kana rupa manéhna nu dipicangcam sangkan datang ka imah kuring.
"Momon, gancang kaluar!" kadéngé sora Pa Érté. "Aya naon Pa?" cekéng téh bari muru kaluar. Rob jelema ngagimbung di hareupeun imah. Olohok saréréa, pédah aya mayit awéwé nu ngagolér hareupeun imah. "Naha mayit Néng Hana aya di dieu?" salah saurang tatangga nyarita. Gebeg. "Geuning Néng Hana téh geus maot?" reuwas. Édddaaasss... éta élmu pélét.
No comments:
Post a Comment