Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

24 June 2013

Si Tukang Noong

Dina hiji tulisan disebutkeun yén rebab téh geus aya ti abad 9 Maséhi kénéh. Inti kecap rebab nyaéta rababah atawa al-rababa tina basa Arab nu hartina gondéwa. Wajar mun alat musik éta dianggap ti wewengkon Arab. "Antum kudu daék narima warisan ieu!" ceuk Wan Abud saméméh maot. Rebab ditarima bari asa-asa. Inggis ku bisi, rémpan ku béja. Sieun salah narimakeunana.
Rebab dipupusti. Embung pajauh. Beurang peuting teu weléh dibabawa. Aslina kuring téh teu bisa ngarebab. Bener-bener anéh.
Waktu aya musibah tsunami di Acéh, kuring daftar jadi rélawan. "Apa yang bisa anda lakukan di sana?" salah saurang patugas nanya rada sinis. "Silaing tong nganggap sepélé ka aing, deuleu ku sia jaga!" jawab téh rada nyeuneu. Indit ka tujuan ngahaja mandeurikeun manéh. Anjog ka daérah musibah, rebab dipasang, laju ngését dina wanda nu sedih campur ambek. Teu lila, bangké sato jeung mayit-mayit nu keur ditéangan kalaluar sorangan pauntuy-untuy nyampeurkeun ambulan...


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013