Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

24 June 2013

Wisata Ka Kampung Sare

"Wayah kieu sepi kénéh geuning," saurang turis nyarita sorangan. "Ih, apanan ieu tempat tujuan wisata urang saréréa téa," ceuk pemandu bari ngajak asup ka salah sahiji imah nu pangedéna. "Sadérék sadaya, ieu bumi Kokolot Kampung. Anu ngagolér dina korsi, éta bojona. Tuh, nu dina dipan putrana. Anjeunna mah kulemna luhureun kenténg," pemandu nerangkeun meni capétang.
"Kumaha komunikasi antawis warga sareng warga?" aya nu nanya. "Aranjeunna berkomunikasi via ngimpi," jawab pemandu teu kireum-kireum.
Kuniang Kokolot Kampung hudang, panonna tetep peureum, laju ngagajleng ka buruan. Angger dina kaayaan saré. Manéhna ka cai, ngadon mandi. Pemandu jeung para turis nyérangkeun kalakuan Kokolot Kampung. "Unggal warga jiga kitu, persis pisan," pemandu nyeletuk. Nu ti cai geus kaluar, saged, angger bari saré. Goloyong ka dapur, masak, laju dahar.
“Subhanallah!”salah saurang turis tasbih. “Ari harudang saréna iraha?” aya nu panasaran. Raribut ngaenyakeun kahéran. “Éta tandana si warga bakal maot mun panonna beunta,” ceuk pemandu.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013