Sien loba dei kaliru ngeutik. Ahirna diéjah hiji-hiji. Lila nénjoan huruf deumi huruf. Aksara ngarényohan, jarogéd, ringcirihil. Haté nyeublak, rewas mangihan nu anéh modél kitu.
"Nu balég siah nulis téh!" aksara A ambeuk. "Geleh aingah ka sia, ongkoh pangarang tapi nulisna salah waé!" aksara B neugor bari molotot. "Emung aingah dikeutik ku sia. Ungal nyien keucap sok mahiwal ti batur," kecap Fikmin ngabirigidig jiga nu ijid. Téténjoan beki ranjay. Isin ku fikmin, éra ku carita. Komputer laju dijeujeuk neupi ka peujét.
No comments:
Post a Comment