Ba'da Shubuh geus tatan-tatan, nyiapkeun sagala rupana. Aya nu mawa panah, bedog, pedang, jeung bambu runcing. Ngabring ka puseur dayeuh, rerencepan bisi pasarandog jeung soldadu Walanda. Di sapanjang jalan Braga rempeg nu jaraga, marawa pakarang lengkep pisan. "Ulah maksakeun euy, mendingan nyerang wewengkon Kidul wé," ceuk Létnan Sardi. "Naha, Dan?" saurang pamuda nu bajuna kuleuheu nanya. "Gerakan urang di dieu geus bocor, aya mata-mata nu ngabéjaan," jawabna bari laju ngajak pasukan ka Dayeuh Kolot.
Loba kajadian nu matak ngadatangkeun amarah. Abrulan jalma nu ngarungsi akibat perang mungguh pikawatireun. Unggal imah dihuru. "Ténjo, itu téh gudang senjata. Alusna mah kudu diancurkeun!" ceuk Létnan Sardi. Ngadéngé kitu, si pamuda nu baju kuleuheu nyampeurkeun Létna Sardi.
"Abdi siap ngancurkeun tempat éta!" pokna tandes, laju ngabelesat kawas tatit nuju gudang senjata. Pérépét, jegur gudang senjata bitu. Innalillahi wainna ilaihi rojiúun..!
No comments:
Post a Comment