Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

26 June 2013

Saprak Hijab Panon Dibuka

Sieun. Ahéng pisan. Panénjo jadi béda. Rasa jadi tambah seukeut. Aduh, naha bet sagala katingali? Kamana waé nempo, pasti manggihan nu anéh.
"Heup, ulah tulus manggihan manéhna!" aya haréwos kana ceuli. Indit-entong, nya? Jalan ngabulungbung, gugupay. Aspal imut, hayang ditincak. Batu jeung tatangkalan ngucapkeun salam.
Panasaran. Aya naon di imah manéhna? Naha ulah nepungan? Ongkoh mun ngarasa sono kudu gancang nepungan. Nempo sakeudeung mah moal nanaon sugan, nékad indit.
Di hareupeun imah manéhna, haté ngaregog. Istighfar sababara balikan. Bébéné haté keur cicirihilan, kakalayangan tina tangkal kana tangkal. Ucang anggé dina dahan kérsen. Kaciri tonggongna bolong. "Akaaaang... abdi sono!" ceuk manéhna rék ngagabrug.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013