Maranéhna patingharuleng, bingung. Asih neuteup salakina nu
katingali alum. Nu diteuteup bangun surti, imut dipaksakeun. "Jigana lepat
sampel éta mah, Kang!" ceuk Asih. "Atos tilu kali dipariksana gé,
piraku salah," walon salakina pasrah. Nu jadi kahariwang téh paménta
mitoha lalaki nu sakitu tandesna. "Geus teu bisa diganggu gugat, pokona
turunan 'Silobahutang' kudu manjang!" pokna bari nulak cangkéng. Kumaha
carana? Euweuh deui anak lalaki iwal ti salakina sorangan. Unggal poé jadi
pikiran. Naon nu kudu dilakukeun?
Tilu poé satutas salakina divonis gabug, mitoha jeung
kulawarga besar Silobahutang daratang. Urun rembug sakabéhna. Réa kamandang
sabab salaki Asih ngan hiji-hijina anak lalaki di kulawargana. Unggal kamandang
loba nu nentang. Nya, akhirna mah nepi ogé kana hiji kasimpulan nu dipandang
hadé ku saréréa. Asih ngagebeg bari melong salakina nu ngeluk. "Nyai, ti
mimiti peuting ieu wayahna kudu titirah heula di imah Papah jeung Mamah!"
ceuk mitohana bari ngusapan sirah manéhna.
No comments:
Post a Comment