Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

24 June 2013

Cinta Ketok Magic

Cenah ari rasa bogoh mah datangna pandeuri. Inget kénéh basa rék dirérémokeun ka Mang Sadut, ema jeung bapa maparin kuliah haratis juhlas és ka és. "Naon kakurangan calon salaki hidep téh, pédah duda? Tagog hadé, gawé boga, sagala geus nyampak," kitu saur ema harita. Apa jeung ema teu apaleun yén kabogoh kuring téh Kang Sudin, anak cikal Mang Sadut.

Kasebutna kawin dipaksa, keukeuh teu hayang saré reujeung. Embung ditoél-toél acan. Teu kaop disampeurkeun, sok langsung nyingkahan. "Ongkoh urang téh tos nikah, naha Nyai alim sapatemon jeung Akang?" hiji waktu Mang Sadut nalék. "Kajeun ah, bongan dipaksa!" jawab téh bari ngaléos.

Mangkukna, Mang Sadut maot, tabrakan di jalan Tol. "Asih, jigana lalakon cinta urang bisa nyambung deui," aya nu ngaharéwos. Gigireun, karérét Kang Sudin unggeuk. Imutna, antara sedih jeung bungah. Cipanon murubut waktu manéhna nyium embun-embunan....


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013