Papastén geus tumiba kana diri. Ieu mémang taqdir urang duaan. Lalakon mangsa katukang. Euweuh nu bisa dibalikan deui. Urang kudu pasrah, tumarima rék papisah. Lain teu sono, lain teu nyaah. Enung, pupujan haté. Usap éta cisoca. "Yani alim papisah!" ceuk anjeun bari neuteup photo kuring. "Akang gé sami, alim paturay. Namung kumaha atuh, pan urang téh tos bénten alam," walon kuring ti alam kubur.
23 June 2013
PILEULEUYAN
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment