Sirah karasa beurat. Awak ngagibrig. Babacaan sabisa-bisa, terus istighfar. Orolo utah getih. Teu inget di bumi alam.
Naha awak karasa hampang? Uluh itu, jelema meni ngagimbung. Ngariung-riung nu keur ngagolêr. Gêrêwêk aya nu ceurik. Geuning pamajikan kapiuhan? Unggal jalma careurik. Aya naon? Nu ngariung beuki loba.
Mama Ajengan sumping. "Aya naon?" anjeunna naros. Lalaunan anjeunna nyampeurkeun kana kasur. Awak nu ngagolêr dipariksa. "Innalillahi wainna ilaihi ro'jiun!" saur anjeunna bari nilepkeun dua leungeun nu ngagolêr sina sidakep. Kabêh rêang nyebut, "Allohu Akbar." Anêh. Ti luhur aya cahaya nu nyedot kuring.
No comments:
Post a Comment