Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

23 June 2013

Panyakit Lalaki

Beurang loba dangdan, peuting rajin ngaluis. "Engkang, asa bénten ayeuna mah, rajin dangdos," pamajikanana nyindiran. "Geulis, apan ieu mah tungtutan pagawéan. Éra atuh, piraku pantar diréktur bajuna rudin," jawabna énténg. "Rapat ogé meni asa unggal dinten...," ceuk pamajikanana bari pangmenerkeun dasi.

Muka pantona lalaunan, sieun ngagareuwahkeun nu keur gogoléran dina kasur. "Inggrid, nuju naon di dieu?" manéhna kagét. "Naha Papah aya di dieu?" sorana ngageter. Duanana papelong-pelong, pangacian kabur duka kamana. Opat panon méh bareng peureum dibarengan keclakna cimata tunggara.




No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013