Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

23 June 2013

Nu Sok Ditéangan

Iblis ngabarakatak bari ngéngklak. Manéhna bungah sabab anak buahna ti bangsa manusa beuki nambahan. "Adam, ténjo turunan silaing geus bariluk ka aing!" gorowokna meulah simpé. Jul-jol nu daratang, nyarembah. Iman dileupaskeun tina dada. Néangan bagja saharita. Agul ku pangkat jeung jabatan. Siga enya padahal bohong. Isukan kumaha engké.

Neundeun harepan dina sugan. Ukur ngarep-ngarep kana mudah-mudahan.

Mending kitu mending kieu. Aya réwuan pilihan. Rempeg. Aing nu aing. "Ceuk saha?" aya nu nanya. Angin ngulibek dina uteuk nguwak-ngawik logika.




No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013