Tilu puluh taun jadi guru di SMA Budi Luhungna téh. Euweuh cawadeun pisan. Unggal seméster sok kapeto waé jadi Guru Teladan sa-sakola.
Saprak yayasan ngarobah status sakola tina SMA jadi SMK, haténa mimiti ngolémbar. Unggal ngajar, jadi loba waé salahna. Malah remen teu asup. Alesan loba dijieun-jieun bakating ku horéam nincak sakola. Nu nelepon teu diangkat, nu nga-sms teu dibalesan. Guru-guru séjén karagéteun mireungeuh sikapna. Entong batur, kuring waé nu ngarangna, teu ngarti kana sikap manéhna. Teuing naon kahayangna.
Nu keur didongéngkeun karék jol. "Geuning teu males ayeuna mah," salah saurang guru ngoméntar. "Aingah ngan sakadar rék nyokot gajih panungtung!" jawabna teugeug. Jauh tina panyangka manéhna bakal nyarita kitu. "Apa alasan anda sehingga jadi begini?" kapala sakola nanya. "Rék sumanget kumaha aing ngajar da muridna gé jalu wungkul ayeuna mah," walonna bari ngingkig balik.
No comments:
Post a Comment