Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Nu Datang Tengah Peuting

Naha peuting téh asa beda ti sasari? Ucing kukutan, titadi ngan murungkut gigireun dipan.
Deg, jantung asa coplok. Aya nu ngetrokan panto. "Tengah peuting aya nu nyémah? Asa kacida," gerentes haté bari nyampeurkeun panto. Noong tina kaca. Geuning Mang Wirya, tatangga di lembur.
Teu talangké, gancang panto dibuka laju ngahiap sémah. "Emang, naha meni tengah wengi atuh sumping téh?" ceuk kuring bari ngasongkeun cikopi panas. Nu ditanya teu némbalan, ngan kaciri biwirna imut. Gelas ditampanan, leguk cikopi panas diinum disakalikeun nepi ka ledis. Anéh, jiga teu ngarasa panas. Huntuna noroktok nandakeun awakna kabulusan.
"Pa, aya telepon ti Cép Danu," pamajikan ngageroan ti kamar. "Emang, ké sakedap, geuning tuang putra nélpon," cekéng téh bari ngojéngkang ka kamar. "Ulah reuwas, rék ngabéjaan yén si bapa nembé pupus bieu," sorana pegat-pegat. Telepon dikeupeul pageuh. "Innalillahi wainna ilaihi roji'un...," témbal kuring. Nu di hareup saha? Gelas cikopi aya dina méja, masih kénéh ngebul...


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013