Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Bang Bung Ranggaék

Basa kuring balaka. Anjeun nolak sapajodogan. "Naon kudu daék ka manéh nu euweuh kagableg?" ceuk anjeun bari jejebris. Geulis mah geulis, hanjakal sombongna béak karep.
Biur kabur ka kota néangan lawang rejeki. Usaha bébéakan, sagala digarap. Najan geus beunghar, status mah angger bubujangan. Gering haté nu baheula tetep teu daék leungit.
Rabul nu daratang ka imah kolot, ngabagéakeun kuring nu 'pulang kampung' bari geus ginding. "Arék iraha jeung ka saha kawin téh?" abah nalék. Ngajawab téh cukup ku gideug, bingung rék balaka ka nu jadi kolot. "Geus waé lah, ku Abah dirérémokeun ka Néng Anggraéni anakna Juragan Wirya, kumaha?" saurna bari mencrong. Gebeg. Abah jeung Juragan Wirya sapuk ngajodokeun. "Énggal geura tuang heula, Pah!" sora anjeun ngabuyarkeun lamunan. Korsi jeung méja silih kiceupan bangun reueus.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013