Jorojoy aya niat hayang insap. Arék bageur. Lamun aya nu ngajak paséa, rék diantep. Moal saruana. Arék ngaléos wé.
Nyata éndahna hirup bener téh. Unggal jalma jadi saroméah.
Dulur nambahan. Omongan kajaga. Lamun aya kasusah teu hésé ménta tulung. Islami pisan hirup téh. Meujeuhna mun uing disebut ustad ku batur.
Ka masjid rajin sholat berjama'ah, diondang ceramah mindeng. Amplop nu eusina duit remen narima.
"Ustad, kabogoh salira salingkuh," aya nu ngabéjaan. Réang nu ngagosip yén sakadang bébéné salingkuh. Awak ngagidir. Nahan amarah. "Gobloooog, dipodaran siah duanana ku aing!" teu nyadar kuring nyorowok dina panggung waktu keur ceramah.
No comments:
Post a Comment