"Manéhna, cik pangmeulikeun kopi Kapal Api sabungkus!" ceuk salakina bari mikeun duit sarébu. Indit ogé pamajikanana ka warung bari gegelendeng, ngalawan mah teu wani. Léos ka dapur, béréwék dibuka laju eusina dikana cangkirkeun. "Ilikan sugan aya hadiahan!" salakina ngagorowok ti tepas. "Kaaaang....!" ceuk manéhna barang ningali logo di jero bungkus kopi nu aya tulisan Rp. 10.000.000,-
27 June 2013
Meunang Milik
"Ma, hoyong jajan!" budak leutik lumengis. "Euweuh. Ujang, tong boro keur jajan manéh, keur meuli béas gé teu boga," jawab indungna teugeug. "Naha geuning ari bapa mah bisa kénéh ngaroko jeung ngopi, Ma?" budakna protés. "Apan bapa manéh mah kajeun teuing teu dahar batan teu ngaroko jeung ngopi mah," indungna méré alesan. Nu keur diomongkeun, jongjon ngelepus udud. Gep kana cangkir, ditingali kopina geus béak.
"Manéhna, cik pangmeulikeun kopi Kapal Api sabungkus!" ceuk salakina bari mikeun duit sarébu. Indit ogé pamajikanana ka warung bari gegelendeng, ngalawan mah teu wani. Léos ka dapur, béréwék dibuka laju eusina dikana cangkirkeun. "Ilikan sugan aya hadiahan!" salakina ngagorowok ti tepas. "Kaaaang....!" ceuk manéhna barang ningali logo di jero bungkus kopi nu aya tulisan Rp. 10.000.000,-
"Manéhna, cik pangmeulikeun kopi Kapal Api sabungkus!" ceuk salakina bari mikeun duit sarébu. Indit ogé pamajikanana ka warung bari gegelendeng, ngalawan mah teu wani. Léos ka dapur, béréwék dibuka laju eusina dikana cangkirkeun. "Ilikan sugan aya hadiahan!" salakina ngagorowok ti tepas. "Kaaaang....!" ceuk manéhna barang ningali logo di jero bungkus kopi nu aya tulisan Rp. 10.000.000,-
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment