Kingkilaban muka lalangsé. Angin soré ngendagkeun kekembangan. Siap-siap maluguran. Oyag-oyagan. "Reureuhkeun. Énggal geura beberesih!" humiliwir sora-sora ti jauhna. Neumbag mamaras rasa. Aya nu ngajengkang. Kekerejetan. Euweuh nu apal naha jeung kumaha. Ulah geruh. "Nung, pileuleuyan!" ngaharéwos.
27 June 2013
Girimis Kasorénakeun
Guludug pating surungkuy dina sela-sela méga hideung nu ngagurat langit. Indung peuting keur dangdan, siap arék midang. Riak layung beulah kulon mépéndé haté nuju simpé. "Iraha rék mulang? Mawa bekel naon?" haté tumanya. Impian nu tinggaleun, nu nyarelap dina rungkun napsu, ninggalkeun ruhak. Seuneuna mimiti pareum, kacébor banyu waktu.
Kingkilaban muka lalangsé. Angin soré ngendagkeun kekembangan. Siap-siap maluguran. Oyag-oyagan. "Reureuhkeun. Énggal geura beberesih!" humiliwir sora-sora ti jauhna. Neumbag mamaras rasa. Aya nu ngajengkang. Kekerejetan. Euweuh nu apal naha jeung kumaha. Ulah geruh. "Nung, pileuleuyan!" ngaharéwos.
Kingkilaban muka lalangsé. Angin soré ngendagkeun kekembangan. Siap-siap maluguran. Oyag-oyagan. "Reureuhkeun. Énggal geura beberesih!" humiliwir sora-sora ti jauhna. Neumbag mamaras rasa. Aya nu ngajengkang. Kekerejetan. Euweuh nu apal naha jeung kumaha. Ulah geruh. "Nung, pileuleuyan!" ngaharéwos.
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment