Lila-lila barudak awéwé kompak, rék ngalawan. "Urang rempug ku saréréa mun maranéhna kitu peta waé mah," ceuk Lusi. "Tapi..., kumaha carana?" tanya Asih. Unié nangtung, terus leuleumpangan hareupeun baturna, tarangna kerung. Nyéh biwirna imut bari nepak tarang. Ger babaturanana sareuri sabab bulu mata palsuna ngacleng sabeulah.
Kelas rék bubaran. Asih sabatur-batur geus nyiapkeun siasat. Saurang-saurang nempatan posisi nu geus direncanakeun. Adul Hapur sabalad-balad ngajarega dina lawang panto. Rumpu-rampa awak babaturan awéwé sakelasna nu rék kalaluar. Unggal awéwé jiga nu pasrah. Nu ditoélan rarobah wujud jaradi lutung. Goak Adul sabalad-balad ngajarerit, maranéhna diraponan ratusan lutung nu terus-terusan napuk.
No comments:
Post a Comment