Lep, Si Utun ngagiwarkeun sirahna ka handap dina gerakan Kuya Ngelok. Untung kénéh. Tungtung samurai ngan bisa nyabet bulu sirahna. "Ulah bari ngalamun!" aya sora nu nyulusup kana ceulina. Ngadéngé kitu, Si Utun sadar deui kana dirina. Gancang manéhna muka Jurus Nyintreuk Langit Ngajembél Bumi.
Kerewek samurai lawan beunang ku leungeun kénca. Awakna ngagilek saeutik ka hareup bari dituturkeun ku leungeun katuhu nonjok angen lawan. Sebrut, jeduk! "Aduh...!" lawanna ngajerit. Rampéol, gubrag. Utah getih lalambaran. Nu lalajo surak. Gumuruh nepi ka langit katujuh.
No comments:
Post a Comment