Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Lalakon Lutung Kasarung (6)

Lalucu kalakuan para lutung nu keur dialajar di kelas. Aya program anyar ti pamaréntah pusat nyaéta Sekolah Lutung Indonésia (SLI). Loba heureuyna batan diajarna. Abong kunyuk hideung, kakoncara licik tur cilimit. Kurikulumna gé ngahaja miceun basa jeung budaya indung. Ongkoh deuih, program téh asa kaleuleuwihi. Nu teu perlu sok diaya-ayakeun.
Lain pagawéan énténg ngadidik para lutung téh. Ustad Komar kungsi ceurik da dikorowot bobogaanana. Teu pira pédah disarung bari teu dicalana. Ustad teu nyadar sarungna nyingsat. Nu buni nolol. Gerewek wé aya nu ngarontok.
Kituna mah teu salah-salah teuing si oknum lutung. Abong sato. Sok ngarontok nu dianggap ngabahayakeun dirina. Asal katingalina ngancam, langsung bertindak. Rupana kitu kajadianana. Utun, minangka Ketua Murid (KM) ngarasa boga tanggungjawab pikeun kasalametan saréréa. Ningali aya meriam nojo maranéhna. Gagaduhan ustad acung-acungan dina posisi siap témbak.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013