Lah-lahan alias kumaha engké. Utun ogé miluan jadi peserta ujian, padahal manéhna karék sakola sataun di SMP Leuweung Larangan. Teuing aturan nu teu jelas atawa loba oknum nu néangan kauntungan, loba peserta dadakan nu kadaptarkeun. Ujian Nasional lumangsung dina kaayaan kacow. Nomer peserta loba nu pahili. Guru jeung panitia baringung.
Keretas soal geus dibagikeun ka barudak. Anéh. Saban soal geus aya jawaban. Aranteng nyalin jawaban. Rupa-rupa pamolah barudak. "Uing pasti lulus... yessss!!!" ceuk Si Utun waktu mikeun kertas jawaban. Ngadéngé ucapan kitu, sakabéh panitia curinghak. Geuwat kertas jawaban Si Utun dicokot ku salah saurang pengawas, laju disoéhkeun.
No comments:
Post a Comment