Loba rapat bakal loba duit, éta nu kapanggih ku lutung. Unggal anggota geus ngitung piduiteun tina rapat dina sabulan. Teu anéh mun maranéhna ceuyah ku harta banda. Uang binti duit beuki ngagunung. Ngaleuyah. Gedong heurin ku duit.
Komara dHéwan beuki morosot. Anggotana jaradi lutung. Susah ngabédakeunana. Awak jeung ahlakna harideung. Ruang-riung dinu poék. Unggal aya cahaya, sarieun. Ngabecir lalumpatan. Gugurawilan tina gedong kana gedong séjén di Jakarta.
No comments:
Post a Comment