Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Lalakon Lutung Kasarung (2)

Laut Kidul ombakna beuki motah, duka kunaon. Angin ngaguruh neumbragan kapal jeung parahu nu keur balayar. Lambak beuki luhur, mingkin gedé tanding gunung. Alam poék mongkléng. Karéta Kancana ngadadak mucunghul ti jero laut, cahyana murub mubyar, nyaangan sabudeureunana. Ombak ngawirahma. Ngabaris jiga pasukan pangawal karajaan.
Luna Maya nu harita keur ngobrol jeung Lutung di basisir, olohok mata simeuteun nénjo kajadian alam tadi. "Utun, saha éta nu dina karéta?" tanyana. "Teuing! Uing gé teu apal," walon Lutung bari gégétrét. Nu diobrolkeun geus aya hareupeun. Geuwat duanana nyarembah barang apal saha nu datang.
"Kasép! Ati-ati ulah bobogohan jeung artis. Sok loba masalah," saur Ratu Laut Kidul ka Lutung. "Ampun, Ibu Ratu. Raraosan mah putra dalem henteu bobogohan. Utun bogoh nyaan ka manéhna téh," walon Lutung ajrih pisan. Ngadéngé ngaranna disebut, dadak sakala wujud Luna Maya robah jadi oray sanca. Golosor sakadang oray ngalanggéor teuing rék kamana deui.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013