Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Lalakon Lutung Kasarung (1)

Langit ceurik ngabangingik, cimatana ngucur mangrupa hujan. Aya nu ditundung ku indung. Lalaki gandang, Sanghyang Guruminda, disupata kudu turun ka dunya. Awakna robah jadi monyet hideung nu buntutna panjang. Katelah Lutung Kasarung. Opat abad asruk-asrukan. Néangan jodo.
Loba papanggih jeung putri nu gareulis. Utun teu wani wakca, sieun ditampik. Ti waktu ka waktu haténa mingkin guligah. Unggal aya sir ka awéwe, gancang disieuhkeun tina haté. Nyorangan. Gugurawilan tina dahan kana dahan.
Katingali aya saurang putri geulis nu keur nyulam dina saung. Awakna sampulur méh sarimbag jeung Déwi Pohaci, indungna nu dipikacinta. "Sing saha waé lalaki nu daék pangmawakeun hapé anyar, ku kuring rék dijadikeun salaki!" pokna. Anéh. Rambutan nu keur dicepeng ku Lutung robah wujud jadi hapé. Utun atoh, laju nyampeurkeun bari mikeun naon nu dipikahayang ku Nyi Putri. "Nuhun!" cenah pondok naker. "Geuning ieu mah Hunteu Palsu?!" ceuk Nyi Putri bari malédogkeun hapé kana beungeut Lutung.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013