Loba nu ngahina, teu saeutik nu sinis. Utun tetep gilig. Teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan. "Uing bakal ngawangun tatar Sunda mun uing kapilih," ceuk manéhna waktu kampanye. "Naon nu dicarioskeun ku sadérék Utun, uing bakal ngarojong bébéakan!" témpas calon wakilna. Ger, nu lalajo surak ayeuh-ayeuhan.
Kocap kacarita, pilgub geus lekasan. Aya nu ngitung gancang yén pasangan nomer opat meunang. Salah sahiji pasangan kandidat ngadat. "Aing teu narima éléh!" kitu pokna. Rabeng tuduhan majar pasangan nomer opat dibantuan pangeusi leuweung dina nyoblos. Utun jeung calon wakilna ngan ukur nyenghél. Nu ngadat beuki édan. Gedong Saté dicabut lambang saténa laju diganti ku patung monyét.
No comments:
Post a Comment